Mun nilik kana katerangan anu kaunggel dina hiji surat yaeta surat,al Asri
anu ngandung harti "wallohu" cenah didinya aya na pernyataan yen anu MAHA nepi ka janji beh dituna bisa oge mastikeun mun cek bahasa gaul mah sumpah,Wal asri atwa mun cek sundana DEMI WAKTU,
Terus tuluyna "bahkan saenyana jalma kabeh rarugi kecuali jalma anu iman(anu ngabogaan kayakinan) nya cirina anu iman teh anu silih bejaan dina bener jeng silih bejaan dina kasabaran"
Ari waktu numutkeun "sareat" kabagi tilu.Nyaeta hiji waktu kamari dua waktu ayena katilu tangtuna waktu isuk...
ngan lamun numutkeun "sareat ibadah" waktu teh kabagi lima nyaeta ISLAM atawa Isa,Subuh,Lohor,Asar,Magrib..
Tah "waktu" numutkeun sareat islam mah nyaeta kapastian atawa kuduna ngajalankeun hiji ritual ibadah kanu kagungan alam nayaeta asmana Alloh SWT atawa dzat anu nyiptakeun langit jeung bumi.Dimana dina waktu eta disaban tempat kabeh jalma mere ciri datangna waktu anu disebut Adzan.
Adzan hiji pangajak ngan tangtuna mun ditilik tina basana ngandung makna anu kacida jelasna.
kumaha jelasna,,,,,,
Nalika jalma anu adzan ngajak pasti eta anu adzan teh geus apal ngajak naon dirina,jeng kasaha ngajakna.....eta numutkeun sareat
Sabab nalika manehna ,ngumandangkeun adzan anu dimimitian ku kalimah ALLOHU AKBAR ALLOHU AKBAR lobana 2x pastina didinya aya gambaran anu tersirat yen dirina geus apal kana nu maha agungna,jeng tangtuna dirina ngagungkeun asmana kalawan ngarendahkeun dirina ku ningalikeun kahalimpuan sorana.......kalimah anu mimitu dikumandangkeun ku dirina ngajelaskeun yen manehna geus apal kanu kagungannana.
nalika manehna ngebrehkeun yen dirina apal kanu kagungannana didiya manehna ngaku matakna ngumandangkeun SAHADAT (ASHADU ANLA ILLAHAILLELOH) 2x tah ieu nunjukeun nyen kaimanan dirina geus dimutlakeun yen teu aya deui nu aya dina akal pikirannana Anging ALLOH pangeranna.Mun jalma geus kieu tangtuna dina kahirupan sapopoena manehna geus moal ngijing sila bengkok sinembah anging kanu diakuna tangtunga laiin apal kana kalimah sahadat wungkul,Tapi dirina geus ng SAHkeun Datna,Sanggup jeung SA ADATna.....Nalika geus kitu manehna nuluykeun adzan na ku pangaku yen Muhammad teh utusannana (washadu anna muhammaddarosululloh) anu jelas manehna ngayakinkeun yen bakal nurutkeun pola hirupna numumutkeun Rosullulllah ,tangtuna jeung RASAALLOHna.....
Saatos kitu manehna ngumandangkeun deui pangajak solat (HAYYA ALASSOLAHH) mun cek bahasa kuring mah solat teh ngadegkeun kahadean ka Alloh,didieu jelas jalma anu solat moal nukerkeun sendal atawa ngomongkeun batur nalika manehna sabada ngajalankeun solat.
anu geus tangtuna lamun urang tos ngaadegkeun solat urang bakal jaya ieu jela kadangu nalika tos ngajak solat dituluykeun ku kalimah HAYYA ALALFALAHHH,anu hartina hayu urang nepi kana kajayaan,,,
capeah ke disambung deui,,,hehe wasalam
By;JAKA KINAYUNGAN
0 Komentar untuk "Makna Adzan Ceuk KURING"